Hibar teja di jomantara
Tanda pungkasna janji ‘Peuting’
Mapag harepan ‘Beurang’
Pungkasna janji bihari
Mapag harepan kiwari
bagea bagja…!
bagea, tong tepi ka sulaya!
12 Agustus 2011
Hibar teja di jomantara
Tanda pungkasna janji ‘Peuting’
Mapag harepan ‘Beurang’
Pungkasna janji bihari
Mapag harepan kiwari
bagea bagja…!
bagea, tong tepi ka sulaya!
30 Oktober 2010
MELATI, bukan melur
putih pada harumnya
harum pada putihnya
MELATI, bukan jasmine
putihkan taman malam
harumkan hutan siang
MELATI, bukan melati !
24 Agustus 2010
Jikalah ada rinai rintik hujan membasahi halus kulitmu
dengarlah suaranya
akan ada keluh kesahku tentang hidup
Jikalah ada lirih angin berdesir menghembus halus kulitmu
dengarlah suaranya
akan ada desah nafas beratku tentang hidup
Jikalah ada wujudku di depanmu
berpaling lah !!!
karena aku mencoba untuk menjadi TIADA
26 Juli 2010
26 Juni 2010
22 Juni 2010
Nyukcruk mangsa nu katukang
dua puluh tilu taun ka tukang
aya carita nu ngan sakilas
sakilas tapi teu pernah laas
…………………………………..
( pasisian kota Bandung, 2010…. “bagea Jungjunan… hapunten! teu tiasa tepang…..”)
10 Juni 2010
15 April 2010
jungjunan
hampura
hampura
poe ieu
kula di dieu keneh
poe ieu
kula can bisa nepungan
tutungkusan nu kapanggih
ngan saukur dua
ngan harianeun
nu hiji
tutungkusan teh kosong
di korek
di kodok
angger……..
kosong
hu hiji deui
asa ku siga bener
jelas tutungkusan teh
tutungkusan kabuyutan
teu samar
teu kamalihan
ngan geuning malawading
eusina : beda wanda, beda kelir
wanda anyar… kelir anyar…
inget pitutur anjeun
‘wanda kieu lain nu kami’
‘kelir kieu lain nu kami’
hampura
hampura
jungjunan
poe ieu
jangji can tedun
poe ieu
sumpah can laksana
sadu………
22 April 2009
gulidagna rasa
mudal
mejahkeun dada
kaningnang
karingrang
awor jeung kamelang
melang…
melang katumbiri bolay datang
