jungjunan
hampura
hampura

poe ieu
kula di dieu keneh
poe ieu
kula can bisa nepungan

tutungkusan nu kapanggih
ngan saukur dua

ngan harianeun

nu hiji
tutungkusan teh kosong
di korek
di kodok
angger……..
kosong

hu hiji deui
asa ku siga bener

jelas tutungkusan teh
tutungkusan kabuyutan
teu samar
teu kamalihan

ngan geuning malawading
eusina : beda wanda, beda kelir
wanda anyar… kelir anyar…

inget pitutur anjeun
‘wanda kieu lain nu kami’
‘kelir kieu lain nu kami’

hampura
hampura
jungjunan

poe ieu
jangji can tedun
poe ieu
sumpah can laksana

sadu………